:

1 Samuel 2

1

Hana ngedalkeun pupujian, kieu, "Hate bungah mendak bagja ti PANGERAN, estu bungah ku dadamelana-Na. Musuh ku kuring diseungseurikeun. Kuring kacida bagjana nampa pitulung ti Allah.

2

Taya deui anu suci ngan PANGERAN, Mantenna taya anu nyasami. Taya deui panyalindungan nu saperti Allah urang.

3

Geus, maneh ulah ngan umangkuh bae, tong adigung kamagungan. Sabab PANGERAN teh Allah nu maha uninga sarta anu nimbang kalakuan tiap manusa.

4

Gondewa si gagah geus pingges, sabalikna nu lemah ngajadi kuat.

5

Nu bareto tuman seubeuh, ayeuna mah buburuh ngarah sahuap. Sabalikna nu bareto kalaparan ayeuna seubeuh. Anu bareto garabug, ayeuna anakna nepi ka tujuh, nu bareto loba anak, ayeuna teu hiji-hiji acan.

6

PANGERAN anu maehkeun, PANGERAN nu ngahirupkeun. Mantenna nurunkeun jelema ka enggon anu paraeh, Mantenna anu ngajait deui ti dinya.

7

PANGERAN nu ngamiskinkeun jeung ngabeungharkeun. PANGERAN anu ngapeskeun, PANGERAN nu ngajayakeun.

8

Nu sangsara ku Mantenna dijait tina lebu, nu balangsak dijait tina kabalangsakanana, dijadikeun mitra-mitra para bangsawan ditempatkeun di tempat anu kaajen. Dadasar bumi kagungan PANGERAN, nya di dinya Mantenna ngadegkeun jagat.

9

Nu satia ka Mantenna hirupna diraksa, nu jahat mah musna di alam nu poek. Jalma mah moal jaya ku tanagana.

10

Musuh-musuh PANGERAN bakal dibasmi, dibentar gelap ti langit. PANGERAN bakal ngahukuman sakuliah jagat, sarta maparin kawasa ka raja pilihana-Na, jeung maparin kaunggulan."

11

Geus kitu Elkana mulang ka Ramah, ari Samuel dikantun di Silo, sina ngawula ka PANGERAN, diasuh ku Eli.

12

Ari putra-putra Eli, enya ge imam tapi bangkawarah, teu tolih ka PANGERAN,

13

teu tolih kana papakon anu dipuhit ku jalma rea. Unggal aya anu ngurban kudu bae datang bujang imam mawa panyocog huntu tilu. Daging anu keur dikulub keneh teh

14

dicocog, nu kaangkat ajang imam. Kitu bae kalakuanana ka sakabeh urang Israil anu daratang ngurban ka Silo.

15

Tampolana memeh daging diala gajihna kurbankeuneun, geus dipenta manten ku bujang imam, pokna, "Kadieukeun eta daging sawareh keur imam, rek digoreng, da teu kersaeun beunang ngulub, hoyongeun atahanana."

16

Lamun dihulag, "Engke, gajihna urang kurbankeun heula sakumaha mistina, engke mah pek bae," jawabna teh, "Ah! Kadieukeun ayeuna. Lamun teu dibikeun dirampas!"

17

Kacida dorakana kalakuan putra-putra Eli di payuneun PANGERAN teh. Kurban haturan PANGERAN nepi ka dikitukeun.

18

Ari Samuel anu murangkalih keneh tea tuluy kumawulana ka PANGERAN. Ari raksukanana raksukan husus, tina linen, cara raksukan para imam.

19

Unggal taun ku ibuna sok dipangnyieunkeun jubah leutik, dianteurkeunana ari Hana jeung salakina nganteurkeun kurban taunan.

20

Lamun geus kitu Elkana jeung bojona ku Eli sok diberkahan. Kieu saurna ka Elkana, "Mugia maneh ku PANGERAN, dipaparin deui anak ti pamajikan anu ieu, keur gaganti ieu anu diabdikeun ka Mantenna." Sanggeus didungakeun bral marulang.

21

Berkahing PANGERAN, Hana boga deui anak, tilu lalaki dua awewe. Ari Samuel beuki ageung, sarta jongjon kumawula ka PANGERAN.

22

Eli geus kacida sepuhna. Geus uningaeun yen kalakuan putra-putrana ka urang Israil kitu, tur sok maraen teu uni ka awewe-awewe anu digarawe di lawang Kemah Tepangan PANGERAN.

23

Seug putra-putrana teh diweweleh, saurna, "Ku naon kitu maraneh teh? Mani unggal jelema bebeja ka Ama perkara dosa maraneh.

24

Geus, ulah kitu bae anaking! Eta anu keur jadi omong umat PANGERAN teh perkara anu kacida gorengna.

25

Dosa ka papada jalma onaman aya Allah anu bakal ngabela. Ari dosa ka PANGERAN mah saha nu bakal ngabela?" Tapi panggeuingna ku putra-putrana henteu didenge, sabab geus dipasti ku PANGERAN bakal dibasmi.

26

Ari Samuel beuki ageung, pada mikaresep tur dipikaasih ku PANGERAN.

27

Aya hiji nabi sumping ka Eli, ngemban timbalan PANGERAN anu kieu, "Bareto Kami geus nembongkeun diri Kami ka Harun karuhun maneh, basa Harun jeung saeusi imahna ngawula ka raja Mesir.

28

Ti saantero kaom Israil, Harun saanak-anak ku Kami dipilih jadi imam Kami, purah ngurban dina altar, purah ngukus seuseungitan jeung purah make epod paragi tataros ka Kami. Jeung dibere hak meunang bagian tina kurban-kurban anu dibeuleum dina altar.

29

Ku naon maneh jadi hawek kana pangbakti jeung kana kurban-kurban anu ku Kami dipundut ti umat? Anak maneh diantep sakama-kama nyokotan daging anu pangalusna tina hancengan pangbakti ti umat Kami, nepi ka garendut. Maneh leuwih ngajenan ka anak ti batan ka Kami.

30

Kami, GUSTI Allah Israil, enya bareto jangji yen maneh saanak-anak, kitu deui kaom maneh, salawasna bakal jaradi imam pikeun Kami. Tapi ayeuna mah paliyas dilaksanakeun! Anu ngajenan ka Kami ku Kami bakal diajenan deui, anu ngahina ka Kami ku Kami bakal dihina deui.

31

Kanyahokeun, pidatangeun mangsa Kami bakal maehan satiap jelema ngora di maneh jeung di kaom maneh. Moal aya kulawarga maneh anu umurna bisa nepi ka kolot.

32

Maneh engke kari ngenes jeung sirik nenjo berkah anu ku Kami dipaparinkeun ka hiji urang Israil lianna, da kulawarga maneh mah saurang ge moal aya anu nepi ka kolot.

33

Ngan saurang turunan maneh anu arek dihirupan sangkan terus jadi imam kumawula ka Kami. Tapi bakal lolong jeung leungit harepan. Turunan maneh anu sejenna bakal paraeh ku jalan anu pikapaureun.

34

Lamun anak maneh, Hopni jeung Pinehas geus paraeh duanana sapoe reujeung, eta tanda sagala anu ditimbalkeun ku Kami pasti ngajadi.

35

Kami rek ngangkat hiji imam anu tangtu bakal satuhu, anu bakal ngalakonan sagala pamundut Kami. Ku Kami rek dibere anak incu anu salawasna baku marek ka raja pilihan Kami.

36

Satiap anak incu maneh anu harirup keneh, bakal jajaluk ka eta imam, ngarah duit sacepeng, hakaneun sahuap, bari lumengis menta diidinan babantu ka imam ngarah bisa dahar."

Link: